Kata kata motivasi sunda nyiloka


Kata kata motivasi sunda nyiloka

<!-- Start of KOMISI GRATIS Script -->
<script type="text/javascript" src="https://komisigratis.com/ads.php?pub=70505"></script>
<!-- End of KOMISI GRATIS Script -->


• Murwakanti jadi ciri nu mandiri,
ngarumpaka ngandung ma'na pinuh harti,
nadanamah agama jeung darigama,
wandana teu lepas tina budaya,...
Tingkah laku matak mernah katinggalna,
basana matak èndak kakupingna,
s0k sanajan t0s teu aya ti kieuna,
titinggalna m0al rek ka pupus mangsa,..

Hirup ngalagu
Tapak lengkah,malahan jadi sajarah,nafakuran s0k matak betah,
pip0lah lèngkah nu mernah,
ngabukti lain ceuk cenah,..

Hirup ngalagu
Geus panuju,kecapna pantes d'gugu,tingkah laku pantes d'tiru,waktu nu kudu guguru,lumaku HIRUP NGALAGu.


• IMEUTAN HAL (rek ucapan, patekadan, rengkak, paripolah atawa kalakuan)

 NU LEUTIK, NU GEDE GE TANGTU BAKAL APIK ( sa acan migawe, gs dpikir dbulak balik).

ULAH NGENTENGKEUN PIRA, SABAB HADE GORENG GE MAWA MAMALA. 



• Teuleuman sagara kahirupan, sangkan bisa ngojayan na.
Dipaluru saban waktu geuning dasar na mah kasangsaraan. Mempeung eukeur, pek ambah ku lampah, hontal ku akal, sisir ku pikir, pakakas mah ukur tigin jeung yakin, pasti panggih ku peurih, kabuka cangkangna mutiara kahuripan eusina.


• deudeuh teuing anaking, deudeuh kaliwat saking, deudeuh saking ku wening, deudeuh ukur ngadalingding.sagala d'cumponan ngarah t ogoan, nu pnting t kurang kadaharan ngarah ngagedean, disakolakeun cing luhur ngarah alus pagawean, ngarah caang dunya na loba hartana. 
 KEUN BAE BANTANGUR GE, KEUN BAE BANGKAWARAH GE, KEUN BAE UKUR JADI BANGKE GE.

• aya paribasa "indit bari cicing ngalengkah ulah lumampah" ngan salah napelna, tp dlelempeng jadi bener. . . sok rajeun aneh t kolot t budak ari geus ngoprek hape kawas nu ocon otel noelan asih, mang jam2 anteng dina paneuteupna.. boa2 aya TAEUNAN da heueuh ditalungtik teh rea TAEUNA . . . !!

• nu disebut sampurna teh, lain harti boga hungkul kaleuwihan nu leuwih, tapi kakurangan nu disaimbangan ku kaleuwihan, "saling melengkapi" kitu cineknamah. conto kurang duit dibarung ku loba hutang/loba duit kurang ruangriung [da sibuk].

• reug2, reueus upama budaya sunda dimumule khususna ku budak ngora / nonoman, panjang lengkah kr ngaronjatna budaya sunda dna mangsa nu bakal datang. ngrah t tinggaleun pengetahuan, t nanaon resep atwa nyaho kna budaya deungeun. tp eta budaya nganjuk budaya ti mana?? bet nepi ka ngaraksuk ngaruksak, miraga sukma ka urg sunda..

• 
detik waktu adalah metronom / ketukan tempo yg konsisten, matak jangan lah terlalu buburanjat mengimbangi permainan ritmis taktis, sehingga adakalanyah obsesi menjadi melodi yg tdak trkontrol emosi, yg mengakibatkan notasi lengkah pakojot tidak ninggang kekecrek, karna semua yg dpikahayang teu meunang hnteu harus mengikuti rotasi waktu yg ngawiraga & keyeng, ngawirasa & mayeng, ngawirahma & pareng.

Comments

Popular posts from this blog

Kata bijak sunda buhun